Babagian administratif di Indonésia


Free Web Hosting with Website Builder
Babagian administratif di Indonésia
Pancasila
Tingkat Propinsi

Propinsi
Daérah HususDaérah Istiméwa

Tingkat Kabupaten/Kota

KabupaténKota
Kabupatén administratif
Kota administratif
Sagoe

Tingkat Kacamatan

Kacamatan
Distrik • Sagoe Cut

Tingkat Kalurahan/Désa

KalurahanDésa
Nagari • Kampung • Gampong

Tempo ogé

Banjar • Dusun • Lingkungan
Rukun Warga
Rukun Tatangga

édit

Indonésia dibagi jadi sababaraha propinsi. Unggal propinsi dibagi deui jadi sababaraha kabupatén jeung kota.

Daptar eusi

Tingkat propinsi

Artikel utama: Propinsi di Indonésia

Kiwari di Indonésia aya 33 propinsi, nu masing-masingna miboga pamaréntahan sorangan tur dipupuhuan ku saurang gubernur. Unggal propinsi miboga badan légistatif nu disebut Déwan Perwakilan Rahayat Daérah (DPRD). Gubernur jeung anggota DPRD dipilih ngaliwatan hiji pamilihan umum keur mangsa jabatan lima taun.

Opat propinsi di Indonésia miboga status husus:

Unggal propinsi ngawengku kabupatén jeung kota.

Tingkat kabupatén/kota

Artikel utama: Kabupatén jeung kota di Indonésia

Kabupatén jeung kota boga tingkat nu sarua sarta ngabogaan pamaréntah daérah jeung badan légistatif sorangan. Umumna, kabupatén leuwih lega tibatan kota. Kabupatén dipingpin ku saurang bupati, sedengkeun kota dipingpin ku walikota. Boh bupati atawa walikota dipilih ngaliwatan prosés pamilihan umum.

Unggal kabupatén jeung kota ngawengku kacamatan/distrik.

Tingkat kacamatan/distrik

Kacamatan, atawa disebut distrik di propinsi Irian Jaya Kulon jeung Papua, nyaéta wewengkon di sajeroeun kabupatén atawa kota. Kacamatan dipingpin ku saurang camat nu mangrupakeun pagawé nagri sipil sarta tanggung jawab ka bupati atawa walikota.

Unggal kacamatan/distrik ngawengku sababaraha kalurahan/désa.

Tingkat kalurahan/désa

Tingkatan di handapeun kacamatan nyaéta kalurahan atawa désa. Kalurahan dipingpin ku hiji lurah, sedengkeun désa dipingpin ku kuwu.

Di sababaraha wewengkon, digunakeun istilah séjén, diantarana:







Why are we here?
All text is available under the terms of the GNU Free Documentation License
This page is cache of Wikipedia. History