
| Propinsi | Jawa Barat |
| Kabupatén | Ciamis |
| Kacamatan | Cipaku |
| Nami Kuwu | Nurholis |
| Lega | |
| Jumlah pangeusi | |
| - Kapadetan | |
Bangbayang nyaéta salasahiji désa di kacamatan Cipaku, Kabupatén Ciamis, Propinsi Jawa Barat, Indonésia.
Daptar eusi |
Baheula mah Désa Bangbayang teh ngahiji jeung Désa Cieurih. Ti mimiti taun 1988 Desa Cieurih dimekarkeun jadi 2 désa nyaéta Desa Bangbayang jeung Desa Cieurih.
Pamaréntahanana dipingpin ku kuwu, dibantuan ku sababaraha urang pamong désa diantarana kulisi, juru tulis, lebé, jeung 6 urang rurah.
Wilayah Desa Bangbayang aya di wetaneun Gunung Sawal. Daerahna tarahal nanjak mudun.
Désa Bangbayang diapit ku dua pasir tur diliwatan ku 2 walungan.
Penduduk aslina geus langka, sabab barudak ngorana loba anu nikah jeung urang luar daerah. Loba pendatang anu bumen-bumen baretaheun.
Sakola nu aya di Désa Bangbayang lobana aya 4, nyaéta 3 SD di Bangbayang jeung 1 MI di Cicanggong
Poténsi nu aya di Désa Bangbayang diantarana tatanén, ngebon, perikanan, peternakan, jeung sajabana.
Tatanén di Bangbayang ditandaan ku lobana sawah di wewengkon ieu.
Kebon di Bangbayang dipelakan ku tutuwuhan obat sabangsaning jahé, konéng, kapolaga jeung sabangsana.
|
|||||
| Artikel ngeunaan kalurahan jeung désa di Indonésia ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Why are we here?
All text is available under the terms of the GNU Free Documentation License
This page is cache of Wikipedia. History