| Republik Indonesia
Républik Indonésia
|
||||||
|---|---|---|---|---|---|---|
|
||||||
| Motto Bhinneka Tunggal Ika (Jawa Kuna/Kawi/Sangsakerta: Nunggal dina karageman) Idéologi nasional: Pancasila |
||||||
| Lagu Indonésia Raya |
||||||
| Ibu kota (jeung kota panggedéna) |
Jakarta 6°08′S 106°45′E |
|||||
| Basa resmi | Indonésia | |||||
| Pamaréntah | Républik | |||||
| - | Présidén | Susilo Bambang Yudhoyono | ||||
| - | Wakil Présidén | Jusuf Kalla | ||||
| Merdika | ||||||
| - | Diumumkeun | 17 Agustus 1945, samemehna: Hindia-Walanda | ||||
| Aréa | ||||||
| - | Total | 1,904,569 km² (ka-16) 735,355 mil² |
||||
| - | Cai (%) | 4.85% | ||||
| Populasi | ||||||
| - | Perkiraan 2005 | 222,781,000 (ka-4) | ||||
| - | Sénsus 2000 | 206,264,595 | ||||
| - | Kapadetan | 117 /km² (ka-84) 303 /mil² |
||||
| GDP (PPP) | Perkiraan 2005 | |||||
| - | Total | $977.4 miliar (ka-15) | ||||
| - | Per kapita | $4,458[1] (ka-110) | ||||
| HDI (2003) | 0.697 (sedeng) (ka-110) | |||||
| Mata uang | Rupiah (IDR) |
|||||
| Zona wanci | béda-béda (UTC+7 to +9) | |||||
| - | Usum panas (DST) | teu acan ditalungtik (UTC+7 to +9) | ||||
| TLD Internét | .id | |||||
| Kode telepon | +62 | |||||
Républik Indonésia ngarupakeun hiji kapuloan nu aya di antara Asia Tenggara jeung Australia, antara Sagara Hindia jeung Sagara Pasifik. Indonesia wawatesan jeung Malaysia di pulo Bornéo, Papua Gini Anyar di Pulo Papua, jeung Timor Wétan di pulo Timor.
Daptar eusi |
Artikel Utama: Sajarah Indonésia
Dina pangaruh Buda, aya sababaraha karajaan di pulo Sumatra jeung Jawa ti abad ka-7 nepi ka abad ka-14. Saterusna datang sodagar-sodagar ti Arab mawa Islam, nu ka béh dieunakeun jadi agama mayoritas.
Nalika bangsa Éropa datang mangsa munggaran abad ka-16, maranéhna manggihan rupa-rupa nagara leutik. Kabitaeun pisan bangsa Éropa, nu mémang keur karanjingan ngawasa dadagangan rempah-rempah. Abad ka-17, bangsa Walanda nanjung jadi salasahiji nagara Éropa pangkuatna, ngawasa Nusantara kalawan ngalindih Inggris jeung Portugal (iwal Timor).
Satutasna VOC dibubarkeun, kakawasaanana di Indonésia dicepeng ku Pamaréntah Walanda. Satutasna leupas tina pangjajah Jepang taun 1945, bangsa Indonésia ngabéwarakeun kamerdikaan dipingpin ku Sukarno. Walanda ahirna narima, najan elat, dina taun 1949. Ti ngadegna Indonesia, Sukarno diangkat jadi présidén munggaran.
Suharto jadi présidén (1968) satutasna ngagulingkeun Sukarno nu pamaréntahanana jadi otokratik. Alatan pamaréntahanana nu subur ku polah korup, Suharto dipaksa mundur taun 1998.
Kaca Utama: Propinsi di Indonésia
Ayeuna, Indonésia ngabogaan 30 propinsi, 2 daérah istiméwa jeung 1 daérah husus ibukota. Propinsi-propinsi ieu dibagi deui jadi kabupatén-kabupatén, nu salajengna dibagi deui jadi kacamatan jeung kota administratif. Propinsi-propinsina nyaéta,
Bali, Bangka-Belitung, Banten, Bengkulu, Jawa Tengah, Kalimantan Tengah, Sulawesi Tengah, Jawa Wétan, Kalimantan Wétan, Nusa Tenggara Wétan, Sumatra Kidul, Gorontalo, Jambi, Lampung, Maluku, Maluku Kalér, Sulawesi Kalér, Sumatra Kalér, Papua (Irian Jaya), Riau, Sulawesi Tenggara, Kalimantan Kidul, Sulawesi Kidul, Irian Jaya Kulon, Jawa Kulon, Kalimantan Kulon, Nusa Tenggara Kulon, Sumatra Kulon
Daérah-daérah hususna (daérah istiméwa, DI) nyaéta Acéh jeung Jogjakarta, sedengkeun daérah husus ibukotana Jakarta.
Kapuloan Riau bakal jadi propinsi sorangan, misah ti propinsi Riau.
Kaca Utama: Géografi Indonésia
Tempo ogé: Peta Asia
Kaca Utama: Indonésia Ekonomi
Kaca utama: Démografi Indonesia
Populasi Indonésia sacara kasar bisa dibagi kana dua kelompok. Di beulah kulon, umumna dieusi ku urang Malayu, sedengkeun di wewengkon wétan nyaéta urang Papua. Sanajan kitu, struktur sélér sabenerna leuwih rupa-rupa, katambah ku sélér-sélér tradisional nu aya di Bornéo/Kalimantan jeung Papua. Urang Cina ngabentuk hiji sélér minoritas (2 nepi ka 3 juta).
Islam mangrupa agama nu utama di Indonesia, ampir 80% ngagem agama ieu. Sesana ngagem agama Kristen (9%), Buda (2%), jeung Hindu (1%), nu panungtungan lolobana aya di Bali. Koflik antaragama rada mindeng dina taun-taun ieu, utamana di Maluku.
Basa nasional, Bahasa Indonesia - hiji dialék basa Malayu - dipaké ku ampir sakabéh warga, sanajan dialék lokal biasana masih lumaku salaku basa poko.
Artikel utama: Budaya Indonesia
Wujud seni di Indonesia dipangaruhan ku sababaraha budaya. Misalna Ibing Jawa jeung ibing Bali nu geus kakoncara, dipangaruhan ku budaya jeung mitologi Hindu, buda dan islam.
Pintonan wayang kulit Jawa nu ogé geus kakoncara, nunjukkeun sababaraha kajadian mitologis.
Dina bukuna Max Havelaar, pangarang Walanda Multatuli ngritik kalakuan pamarentahna (Pamarentah jajahan Walanda) ka Bangsa Indonesia, meunangkeun perhatian internasional.
| Géografi lokal | ||||||||||||||||||||||||||
Afganistan • Arménia • Azerbaijan1 • Bahrain • Bangladesh • Bhutan • Brunéi • Kamboja • Républik Rayat Cina • Siprus • Timor Lésté2 • Mesir3 • Georgia1 • India • Indonésia2 • Iran • Iraq • Israél • Jepang • Yordania • Kazakhstan1 • Kuwait • Kyrgyzstan • Laos • Libanon • Malaysia • Maladéwa • Mongolia • Myanmar • Nepal • Koréa Kalér • Oman • Pakistan • Paléstina • Pilipina • Qatar • Russia1 • Saudi Arabia • Singapura • Koréa Kidul • Sri Lanka • Syria • Républik Cina (Taiwan) • Tajikistan • Thailand • Turki1 • Turkménistan • Républik Turki Siprus Kalér • Uni Émirat Arab • Uzbékistan • Viétnam • Yaman Catetan Géografis: (1) Sabagian di Éropah; (2) sabagian atawa sakabéhna di Oséania tapi mibanda kakaitan sosiopolitik jeung Asia; (3) Kalolobaanana asup ka Africa.
|
||||||||||||||||||||||||||
| Kaanggotaan internasional | ||||||||||||
|
Afghanistan • Albania • Aljazair • Azérbaijan • Bahrain • Bangladés • Benin • Burkina Faso • Brunéi • Kamérun • Chad • Komoro • Basisir Gading • Jibouti • Mesir • Gabon • Gambia • Guinea • Guinea-Bissau • Guyana • Indonésia • Iran • Iraq • Yordania • Kuwait • Kazakhstan • Kyrgyzstan • Libanon • Libya • Maldiva • Malaysia • Mali • Mauritania • Maroko • Mozambik • Nigeria • Nigeria • Oman • Pakistan • Paléstina • Qatar • Saudi Arabia • Senegal • Sierra Leone • Somalia • Sudan • Suriname • Syria • Tajikistan • Turki • Tunisia • Togo • Turkmenistan • Uganda • Uzbekistan • Uni Émirat Arab • Yaman Nagara peninjau: Bosnia Herzegovina • Républik Afrika Tengah • Muangthai Organisasi jeung masarakat peninjau Muslim: Front Pangbébas Nasional Moro • Wilayah Siprus Turki Organisasi peninjau internasional: Organisasi Koperasi Ékonomi • Organisasi Uni Afrika • Liga Arab • Gerakan Non-Blok • PBB
|
||||||||||||
Why are we here?
All text is available under the terms of the GNU Free Documentation License
This page is cache of Wikipedia. History